Home - Photo - Blogger

Subscribe: Posts Subscribe to Revolution ChurchComments

Selasa, 15 Februari 2011

Persib Leuwih Diuntungkeun di Putaran Kadua

0 komentar

Kasempetan Persib keur terus naek ka papan luhur makin gampang. Dina jadwal putaran kadua engke, Persib diuntungkeun sabab pertandingan kandang jauh leuwih loba katimbang main di luar kandang. tina 14 kali pertandingan, Persib kabagean jatah 9 kali kandang jeung 5 kali tandang.

Lamun Persib bisa nyapu bersih kabeh pertandingan kandang, Persib bakal  boga tambahan 27 poin sahingga nilai total dina akhir musim jadi 42 poin. lamun deui  Persib menang atau seri keur ngalakonan 5 partai tandang engke

Dina laga kandang putaran kadua, kur 3 tim nu kamungkinan gede bisa nganyulitkan Persib, nyaeta Sriwijaya, Persipura, dan Persija. 6 lawan lainna, nyaeta Persiwa, Bontang FC, Persisam PSPS, Persela, jeung Deltras, sacara kualitas masih di handap Persib.

Dina lima laga tandang, Persib dihadeupkan jeung lima tim jago kandang. Semen Padang, Arema Malang jeung Persiba nu bakalan hese dielehkeun. Tapi ngalawan Pelita Jaya jeung Persijap, minimal 1 poin bisa dibogaan ku Persib.

Ku dasar perkiraan ieu Persib bisa finish minimal 4 besar, kasempetan juara ge aya keneh lamun tim-tim lain nu di luhur dina putaran kadua maenna teu optimal heunteu saperti di putaran kahiji.....mudah2an we atuhlah

Persib salawasna..!!

0 komentar:

Posting Komentar